POJOKSATU.id - Basa Sunda minangka salah sahiji basa daerah anu kacida pentingna pikeun dijaga jeung diwariskeun ka generasi salajengna. 

Dina pangajaran Basa Sunda Kelas VI Semester 1 Bab 1 Topik 3, murid diajak pikeun ngulik rupa-rupa unsur basa anu sering dipaké dina kahirupan sapopoe, di antarana kalimah wawaran, babasan, ragam basa, jeung kawih. 

Materi ieu henteu ngan saukur nambahan pangaweruh basa, tapi ogé nguatkeun sikap santun, hormat, sarta mikacinta kana budaya Sunda.

Baca Juga: Cari Peluang Sampingan yang Bermanfaat? Daftar Jadi Trainer GuruInovatif.id 2026 Sekarang!

A. Kalimah Wawaran

Kalimah wawaran nyaéta kalimah anu eusina méré béja atawa informasi ka nu maca atawa nu ngadéngékeun. Biasana kalimah wawaran ditungtungan ku tanda titik.

Ciri-ciri kalimah wawaran:

  1. Ngawartakeun hiji kajadian atawa informasi.

  2. Ditungtungan ku tanda titik (.).

Conto:
Raden Otto Iskandar Dinata dilahirkeun di Bandung, 31 Maret 1897.
Raden Otto Iskandar Dinata pupus di Tangerang, Désémber 1945.

Baca Juga: Lalui Medan Berat, Jenazah Pramugari Pesawat ATR 42-500 Tiba di Posko Utama SAR Gabungan Tompobulu

B. Babasan

Babasan nyaéta kecap atawa ungkara anu hartina henteu sabenerna (kiasan), tapi miboga maksud husus.

Conto babasan jeung hartina:

  • Alih lebet: asup atawa datang ka hiji tempat.

  • Amis budi: jalma anu ramah tur hade tata krama.

  • Getol hanca: jalma anu rajin pisan.

  • Gedé hulu: sombong.

  • Panjang leungeun: resep nyokot barang batur.

Babasan mindeng dipaké dina paguneman sapopoe pikeun ngajadikeun basa leuwih hirup jeung éndah.

Baca Juga: KAI Terus Pulihkan Operasional KA, Jalur Pekalongan–Sragi Dapat Dilalui dengan Kecepatan Terbatas

C. Ragam Basa

Ragam basa nyaéta rupa-rupa pamakéan basa Sunda dumasar kana saha nu diajak nyarita.

  1. Basa Loma
    Dipaké ka sasama atawa ka jalma anu geus akrab.
    Conto: indit, dahar, datang.

  2. Basa Hormat (Lemes)
    Dipaké ka jalma anu kudu dihormat saperti kolot, guru, atawa tamu.
    Conto: angkat, tuang, sumping

Baca Juga: Wakil Panglima TNI Tinjau Koperasi Desa Merah Putih di Jatisari Karawang

D. Kawih

Kawih nyaéta lagu dina Basa Sunda anu eusina bisa mangrupa piwuruk, carita kahirupan, atawa hiburan.

Bagian-bagian kawih:

  1. Pada (bait)

  2. Padalisan (larik)

  3. Engang (suku kata)

  4. Purwakanti (sora/rima)

Conto judul kawih Sunda:
Bubuy Bulan, Es Lilin, Manuk Dadali.

Baca Juga: Asesmen Nasional Tak Dihapus, Pemerintah Ubah Strategi Evaluasi Siswa SD -SMP Mulai 2026

SOAL LATIHAN

A. Soal Pilihan Ganda

  1. Kalimah anu eusina méré béja disebut ….
    A. Kalimah parentah
    B. Kalimah pananya
    C. Kalimah wawaran
    D. Kalimah pangjurung

  2. Babasan “gedé hulu” hartina ….
    A. Pinter
    B. Sombong
    C. Rajin
    D. Jujur

  3. Basa anu dipaké ka kolot nyaéta ….
    A. Basa loma
    B. Basa kasar
    C. Basa hormat
    D. Basa gaul

  4. “Sumping” kaasup kana ragam basa ….
    A. Loma
    B. Hormat
    C. Sedeng
    D. Kasar

  5. Lagu “Manuk Dadali” kaasup kana ….
    A. Pupuh
    B. Kawih
    C. Sajak
    D. Dongéng

Baca Juga: Kepastian TPG Bulanan 2026 dan Carry Over 2025, Pemerintah Sebut Hak Guru Tidak Hangus

B. Soal Benar / Salah

  1. Kalimah wawaran ditungtungan ku tanda tanya. ( )

  2. Babasan miboga harti sabenerna. ( )

  3. Basa hormat dipaké ka guru. ( )

C. Soal Pilihan Ganda Kompleks

  1. Anu kaasup babasan nyaéta ….
    A. Panjang leungeun
    B. Gedé hulu
    C. Dahan tangkal
    D. Amis budi

  2. Unsur kawih di antarana ….
    A. Pada
    B. Padalisan
    C. Aksara
    D. Purwakanti

Baca Juga: TPG THR 100 Persen Guru 2025 Belum Merata, Ini Penjelasan Resmi Aturan dan Batas Waktu Pemda

D. Soal Essay

  1. Naon anu dimaksud kalimah wawaran?

  2. Sebutkeun ciri-ciri kalimah wawaran!

  3. Naon bédana babasan jeung kecap biasa?

  4. Sebutkeun 3 conto babasan jeung hartina!

  5. Naon anu dimaksud ragam basa?

  6. Iraha urang kudu maké basa hormat?

  7. Sebutkeun conto kecap basa loma!

  8. Naon anu dimaksud kawih?

  9. Sebutkeun bagian-bagian kawih!

  10. Naha urang kudu diajar Basa Sunda?

Baca Juga: Peluang Emas CPNS 2026! 10 Kementerian Sepi Peminat Tapi Gaji Tembus Rp12 Juta

Jawaban 

  A. Jawaban Soal Pilihan Ganda  
 
1. C. Kalimah wawaran
2. B. Sombong
3. C. Basa hormat
4. B. Hormat
5. B. Kawih
 
  B. Jawaban Soal Benar / Salah  
 
6.  Jawaban: Salah (✗)
7.  Jawaban: Salah (✗)
8.  Jawaban: Benar (✓)
 
  C. Jawaban Soal Pilihan Ganda Kompleks  
 
 9.  Jawaban: A, B, dan D
10.  Jawaban: A, B, dan D
 
 
D. Jawaban Soal Essay
  1. Kalimah wawaran nyaéta kalimah anu eusina méré béja atawa informasi ka nu maca atawa ngadéngékeun.

  2. Ciri-ciri kalimah wawaran:

    • Eusina béja atawa informasi

    • Ditungtungan ku tanda titik (.)

  3. Bédana babasan jeung kecap biasa, nyaéta babasan miboga harti kiasan (teu sabenerna), sedengkeun kecap biasa miboga harti sabenerna.

  4. 3 conto babasan jeung hartina:

    • Gedé hulu: sombong

    • Panjang leungeun: resep nyokot barang batur

    • Amis budi: ramah jeung hade tata krama

  5. Ragam basa nyaéta rupa-rupa pamakéan basa dumasar kana saha nu diajak nyarita.

  6. Urang kudu maké basa hormat lamun nyarita ka kolot, guru, tamu, atawa jalma anu kudu dihormat.

  7. Conto kecap basa loma: indit, dahar, datang, ulin.

  8. Kawih nyaéta lagu dina Basa Sunda anu eusina piwuruk, carita kahirupan, atawa hiburan.

  9. Bagian-bagian kawih:

    • Pada (bait)

    • Padalisan (larik)

    • Engang (suku kata)

    • Purwakanti (rima/sora)

  10. Urang kudu diajar Basa Sunda pikeun ngajaga jeung melestarikan basa jeung budaya Sunda, sarta sangkan bisa nyarita kalayan sopan tur merenah dina kahirupan sapopoe.

Ngulik Basa Sunda lain ngan ukur diajar kecap jeung kalimah, tapi ogé diajar ajén-inajén kahirupan, tata krama, jeung budaya karuhun. 

Ku ngartos kalimah wawaran, babasan, ragam basa, jeung kawih, murid dipiharep bisa leuwih mikanyaah kana basa indungna sarta ngagunakeunana dina kahirupan sapopoe kalayan luyu jeung tatakrama. 

Muga élmu ieu jadi bekel pikeun ngajaga jati diri Sunda anu mulya. ***